Sumangga ka balarea anu bade ngblog bareng sim kuring, diantos kana kasumpinganana di blog asep sumardi-kisunda kiwari

Selasa, 02 Oktober 2012

Puisi Bahasa Sunda

Posted by Asep Sumardi On 06.15 No comments

Kumpulan Puisi Bahasa Sunda Terbaru 2012

PUISI BAHASA SUNDA
Tuh Saksina
Tuh saksina bendungan waduk Darma anu ngembat tur weweg
Tuh saksina cai anu ngaplak di waduk Darma mani herang mencrang
Tuh saksina angin nu nebak tangkal sisi bendungan waduk Darma
Tuh saksina langit biru di waduk Darma
Naon deui anu diragukeun
Naon deui anu kudu dibuktikeun
Jalan aspal masih keneh hideung
Kecap rasa nyaah masih keneh nempel dina biwir

Tuh saksina masih nyaksian urang duaan
Ngiuhan handapeun tangkal nu iuh di sisi bendungan waduk Darma

Puisi Bahasa Sunda
Bral Miang Anaking, Dunga Tinu Jadi “Kolot” Aranjeun

Keur aranjeun, anak Bapa anu awewe anu lalaki.
Anaking….
Ngitung waktu, milang lengkah
tikiwari kakiwari,
sawaktu-sarebu waktu,
salengkah-sarebu lengkah
Ananking…..
Asa cikeneh urang babarengan,
icikibung dina dunya atikan nu lawas tilu taun landung.
Asa bieu antara hidep jeung Bapa silih tamplokeun rasa:
asih, nyaah, deudeuh, ijid, ngewa, jeung keuheul

Kiwari, tuh lawang pepeuntasan geus ngadago
kahade tigatruk-tipagut
keur nulalawora tinangtu tangtu hese mentas


Bral anaking, sing mulus rahayu nerapkeun elmu
di ditu hidep bakal dicoba dina pangaweruh

Jung anaking, hidep diandung pangdunga.
Wilujeng anaking
keur aranjeun nu bakal miang
**

Hampura anaking,
mun letah Bapa, letah ibu te bisa nahan ucapan, hahaok bari molotot,
da kitu adatnya neundeun kanyaah.
Bapa jenu Ibu teh inggis bisi hidep kalangsu di jalan,
katalimbeng dina dunya sukan-sukan,
poho balik kana jalan bebeneran.

Hampura anaking,
ucap lampah, paripolah nu kaliwat pikeun enteung keur kahareup
**

Sakecap dunga, sarebu mangfaat,
dunga nu mujarab iwal tikukaweningan
hate urang-hate bapa hate ibu, hate anjeun
munajat ka kanu kawasa
Alloh ya Robbi,
mugi Gusti ngahapunten tina dosa
jeung lampah nu lepat


Bral miang anaking,
dunga Bapa keur aranjeun,
muga hidep sing bisa neruskeun lampah
nutur catur tolab elmu tug ka jucung,
kuridoNa
Alloh bakal kinasihan


PUISI BAHASA SUNDA
Anaking Bapa jeung Ema Iklas
Anaking..
Geulis anak bapa jeung ema
Ayeuna anjeun geus miheulaan
Nu jadi bapa jeung indung

Anaking…
Bapa iklas jeung rido
Anjeun geus dipundut kunu kawasa
Aajanan hate leutik mah
Bapa jeung ema kacida sedihan
ehm… anaking…

Anaking….
Geulis, bageur, lamun bapa jeung ema
Nempo kuburan anjeun anu masih keneh taneuh beureum
Dina kongkolak bapa jeung ema
Anjeun nembongan wae,

Anaking…
Anjeung keur lulucuna,
Anjeun nu sok jadi tamba bapa jeung ema,
Belenyehna imut anjeun sok
mawa kabungah ka bapa jeung ema
ehm.. anaking
Bapa iklas pisan anjeun geus dipundut tiheula kunu kawasa

Anaking…
Waktu peuting kamari hujan
Taneuh beureum luhureun anjeun jadi baseuh
Kitu deui cimata bapa jeung ema maseuhan pipi.

Anaking…
Sok ras inget waktu anjeun gumbira
Ulin, ngariung, waktu urang tiluan gogonjakan
Ayeuna tinggal sawangan
Najan kitu, raray anjeun, anaking, geulis sok nembongan bae…

Anaking…
Ku bapa jeung ku ema didungakeun,
Anjeun sing ditempatkeun di tepat anu suci,
Bapa jeung ema sabar
Nandangan cobaan ieu jeung iklas ditingalkeun ku anjeun

PUISI BAHASA SUNDA

KAMERDIKAAN
Ku: Apip Mustopa


Kamerdikaan teh, jang
Jukut ngemploh sisi jalan
Nu teu weleh katincakan
Ku nu resep mabal jalan

Kamerdikaan teh, jang
Jukut ngemploh di sampalan
Dihakanan ingon aburan
Atawa diararitan
Tapi teu weleh parucukan

Kamedikaan teh, jang
Waruga aki-aki nu rangkebong
Dada ngagambang panon celong
Teu ari mikiran hutang

PUISI BAHASA SUNDA
PESTA DEMOKRASI

Mun rek enya boga karep nu sarua, naha bet pada-pada
Mun rek enya mawa batin rahayat, naha bet ngamurah-mareh darajat
Sagala diumbar carita : seja ngabebaskeun waragad sakola,
Muka lapangan kerja, atawa ngangkat sora nu werit
Tapi naha bet parasea marebutkeun paisan tutung

Banner, baligho,spanduk jeung poster-poster ngarumekan kota
Jalan-jalan leuseuh teu beda jeung runtah nu cenah urang kokolakeun
Gang-gang pararoek heurin tetenjoan, tembok-tembokna jadi majalah
dinding
Naha bet ngolok-ngolok duit, geuning sakabeh eta teh teu beunang
dipake mungkus peda-peda acan, bororaah laku dijual atawa dipake
nyimbutan barudak nu tinggolepak di emper toko jeung lampu-lampu
stopan
Kahujanan, kapanasan pamustunganana digalaksak ku angin peuting
Gudawang lebah tarang, gorowong genggerong
Nu make kopeah, nu make tiung, nu make kabaya, nu make baju
supermen
Nu dipoto jeung monyet, nu jeung caleg artisna, nu api-api jadi seniman
Nu api-api jadi kiyai, nu api-apai jadi olahragawan
Kabeh teu bisa ngalawan ninggang datang paceklik ka rahayat
nu cenah rek diwakilan ku maranehanana.

Na ngarudag naon atuh, aya pesta demokrasi teh siga nu moro bagong
Marawa anjing bari dibarajuan ku rupa-rupa gambar
Kabeh pada boga cita-cita, mawa visi jeung misi sewang-sewangan
Hayang meunangkeun naon nu diudag

Kawas barudak di lembur coko langlayangan, lumpat titatarajong bari
panon tanggah
Teu ditolih nu dihandap, teu ditempo nu tincak
Teu paduli kebon batur ruksak, teu paduli rek cohcor katincak
“Nu penting aing meunangkeun nu diudag” omong budak

“Kadarieu! Kadarieu! Yeu ubar hanaang. Pek contreng lebah irungan,
atawa dadana, atawa dina ngaranna atawa dina gambarna!
Pek gunakeun hak pilihna tong salah, milih luyu jeung hati nurani!”
gorowok partai nu teu sacara langsung nitah milih manehna.
Aya deui nu nyebutkeun rek bebela ka patani, ngaronjatkeun hasil
tatanenna.
Aya deui anu ngajangjikeun numpes kamiskinan jeung pengangguran
Naha teu era disalindiran ku iklan roko?
Majar beuki loba pilihen, beuki bingung milihna
Atawa nu omat-omatan ulah katipu ku cau badag bisi dijerona cangkang
hungkul!

Mun rek enya boga karep nu sarua, naha bet pada-pada
Mun rek enya mawa batin rahayat, naha teu sauyunan bae dina
nanjeurkeun cita-cita
Ngawangun nagri nu waluya.
 Hirup teh cita-cita
ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya
Hirup teh seuneu
nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah
rela ihlas ngumawula

Hirup teh aci-acining Bagja!

==========================================================

         Ayeuna
Jeujeur harupat tuluy ngipisan
indung suku tuturut peot
awak jadi budak
waragad teu walakaya

geuning teu di kawit teu di pungkas
kokojayan dina lantaran
sebrot hareudang hiliwir angin
ngalengkah numut sarangenge

los kaditu los kadieu
ngarenghap tuluy hah heh hoh
mmm, ngajerit diudag seuri
Nya ayeuna mah ayeuna...

==========================================================
      bulan ngalimba
sanajan bulan tumunggal
caangna mah bati nu hegar
bangun nu teu ngemu tunggara

sanajan bulan nyorangan
teu risi ngambah sagara peuting
nganti bentang nu baris marengan
nganteur nyorang simpena peuting
nepi ka balebat nyampeur
nyinglarkeun kahieum ati

antara bandung madiun

==========================================================
           Ibun harepan
kamari rundayan katineung rek dipalerkeun
bongan mawa eurih
nu ngageuri kana ati
ngabudalkeun kingkin
jeung rambisakna rasa

tadi,
ku naon salira ngaririhan deui
mawa ibun sanajan sakeclak
nu nyirungan deui katineung
nu ngahaja rek disinglar

duh gamparan,
guligahna rasa
hamo bisa disidem deui..

==========================================================

Sumiratna cahaya sarengenge
nyaangan dada nu rangsak
karasa haneutna susuganan
garing tatuna
balas di sasaak rasa

Manuk ricit di sarada
siga nu tausyiah
ngupahan nu lara tunggara

Ceuk manuk
sing sabar....sing sabar...
kuring kur bisa mesm bari ngalimba

0 komentar:

Posting Komentar